KUMPULAN ASIHAN (MANTRA) SUNDA BUHUN
1. Aji Sirna Tunggal
Bis leungit lah teu aya,
Alloh sirna tunggal jeung sahadat,
Angrum-angrum wangi ashadu langgeng,
jati hurip teu keuna pati,
hirup teu keuna owah,
dat sipat nur putih,
Tes herang tes lenggang tes kersaning Alloh
lailaha ilalloh Muhammadurrasululloh
(Sumber: Ki Warman, Conggeang, dina Mangle Nomer 527, Mei 1976)
2. Ajian Kabedasan
Dampal suku ngabatu datar,
bitis ngabatu wilis,
nyurup ka badana,
nyurup ka sungsumna,
getih sabadan,
bedas ngala ka aki.
(Sumber: Pedaran Sastra Sunda Pikeun Murid SLTA, Drs. Tatang Sumarsono, Penerbit Medal Agung, Citarakn kaopat 1986)
3. Ajian Petak Bagenda Ali
Kulitku kulit wesi,
uratku urat kawat,
bangbalungku waja maleka,
bumi tuli sagara menga,
teka petak Bagenda Ali,
Suaraku gelap kasanga,
rat gurat,
rat gurat.
(Sumber: Panyungsi Sastra, Prof. Dr. Yus Rusyana, Penerbit Rahmat Cijulang, Citakan IV, tahun 1992)
4. Asihan Aing Minyak Watu
Minyak aing minyak watu,
meunang guguru ti ratu,
meunang nanya ti dewata,
sakucur nu matak hayang,
gasak gisik galang giling,
sagisik nu matak asih,
sausap nu matak welas,
mangka welas mangka asih,
mangka asih ka awaking.
(Sumber: Aherka, dina Mangle Nomer 216, Taun XIII, Januari 1970)
5. Asihan Bangbara Tunggul
Hariung bangbara tunggul,
hariang bangbara catang,
nyeuseup sari kekembangan,
pindah sari ka awaking,
asih ka badan awaking.
(Sumber: Win A, Subang, dina Mangle Nomer 124, Taun IX, 11 November 1966)
6. Asihan Batu
Asihan aing asihan batu,
beunang guguru ti ratu,
beunang nalek tina hate,
mangka itu ngalumpuruk,
sapereti upih buruh,
ngalangkarak saperti mayang ragrag,
tungal welas tunggal asih ka aing,
nya aing ratu asihan.
(Sumber: Poesaka Soenda, Nomer 7, Taun II, Januari 1924)
7. Asihan Deuleu Deungdeung
Deuleu aing deuleu deungdeung,
sakiceup kabancakeun,
malik deungdeung malik nineung,
malik welas malik asih,
sih asih si itu ka awaking.
(Sumber: Poesaka Soenda, Nomer 7, Taun II, Januari 1924)
8. Asihan Guriang
Tektek aing tektek asih,
tektek aing rajakanten,
paranti malikeun angen nu tineung,
guriang turun ti gunung,
matak sono sa Cirebon,
matak welas sa Mataram,
kunita turun ti peuting,
sira welas sira asih.
(Sumber: Poesaka Soenda, Nomer 8, Taun I, Februari 1923)
Post a Comment
FB. wisnu.natural
WA. 087722452802
IG. @wisnuwirandi